Sewang Lampah
ku Hj. Amalina Nurrohmah
Dina jemplingna peuting, ngaherang neutup lalangit
Kacipta tangtuna nu dipimelang nu lawas teu mirosea Imut manis ngagupay ngembang cipanon
Hate nglembar, marengan geterna asih nu manteng
Dina kumambangna rasa teu daya, teu wasa Nyidem gunem, boa, urang bakal pegat simpay cukang awi pameuntasan geus ngabentang pikeun liliwatan urang, nu bakal pisah di pengkolan
Urang pada sewang lampah milih jalan
Mulang deui ka sarakan banjar karang pamidangan
Najan beurat kudu pisah bonganna geus ngarangrangan
Batan leumpang rarampayakan, urang pilih jalan buntuUrang tutup lalangse hate, jeung tibatan urang cape
Iyeu imut nu pamungkas mulas rasa keur mepende panasna poesugan bae bisa tingrim, najan asih teu sumanding
Hampura kalangkang rasa, muga urang bisa tibra ngeusian jemplingna peuting,,,
Comments
Post a Comment