Skip to main content

Posts

Showing posts from May, 2017

Sewang Lampah

Sewang Lampah ku Hj. Amalina Nurrohmah Dina jemplingna peuting, ngaherang neutup lalangit Kacipta tangtuna nu dipimelang nu lawas teu mirosea Imut manis ngagupay ngembang cipanon Hate nglembar, marengan geterna asih nu manteng Dina kumambangna rasa teu daya, teu wasa Nyidem gunem, boa, urang bakal pegat simpay cukang awi pameuntasan geus ngabentang pikeun liliwatan urang, nu bakal pisah di pengkolan Urang pada sewang lampah milih jalan Mulang deui ka sarakan banjar karang pamidangan Najan beurat kudu pisah bonganna geus ngarangrangan Batan leumpang rarampayakan, urang pilih jalan buntuUrang tutup lalangse hate, jeung tibatan urang cape Iyeu imut nu pamungkas mulas rasa keur mepende panasna poesugan bae bisa tingrim, najan asih teu sumanding Hampura kalangkang rasa, muga urang bisa tibra ngeusian jemplingna peuting,,,

Reunian sdn cibaduyut4 bandung